Senin, 21 Mei 2012

Soal Bahasa Sunda SMA Semester Genap 2011/2012


1.    Kecap dihandap ieu pernahkeun ku rarangkẽn tengah ar ,sarta larapkeun kana hiji kalimah.
        a.    Eureun     = …………………      Kalimahna………………………………………………..
  b.    Jol        =………………………Kalimahna………………………………………………..
2.    Sampurnakeun kalimah di handap ieu ku cara ngalarapkeun rarangkẽn tengah –um jeung –in 
  a.    Lah kakara boga kacamata butut g
ẽ  mani (kasẽp)
  b.    Lamun urang getol diajar (tangtu) bakal jadi jalma nu pinter.
3.    Susun kecap kecap dihandap ieu jadi kalimah anu merenah.
 Agus – calatur – pa – keur –Joni – jeung – ronda  - di – Pa – Pos.
4.    Naon anu diseubut kecap barang tẽh?
  Kecap barang t
ẽh dibagi dua bagian. Sok sebutkeun bagian bagiannana !
5.    Naon anu disebut kecap sipat tẽh ?
  P
ẽk sebutkeun ogẽ contona ( 3 kecap )!
6.    Naon anu disebut kalimah aktif  tẽh ?
  Jeung naon anu disebut kalimah pasif
?
7.    Rubah kalimah pasif dihandap ieu jadi kalimah aktif:
  Ucing diudag ku anjing
8.    Dina pancakaki kaluarga nu kumaha anu disebut buyut tẽh?
  Jeung saha ari adi beuteung t
ẽh ?
9.    Naon anu dimaksud kecap ngaleugaan jeung kecap ngaheureutan tẽh ?
10.  Sebutkeun sasatoan naon anu dibẽrẽ kecap khusus di handap ieu.
  a.    Sasapihan           b.
badot            c. Jajangkar
11.  Dina hubungan makna kecap , naon anu disebut Sinonim tẽh?
12.  Naon sinonimna kecap balangsak?
13.  Naon anu dimaksud  antonim tẽh?
 Naon antonimna kecap :    
        a.   heureut        b. carang        c. poẽk
14.  Naon bẽdana sinonim jeung homonim tẽh ?
15.  Dua kalimah dihandap ieu aya  kecap anu cẽtakannana anu miring naon bẽdana anu dimaksud kecap   
       ẽta ?
  a.    Tarik atuh tambangna t
ẽh ngarah manteng
  b.    Ulah tarik teuin
g atuh ngajalankeun mobilna
16.  Naon anu disebut kalimah pagawẽan ?
17.  Naon anu disebut kalimah barang?
18.  Susun kecap kecap dihandap ieu sing jadi kalimah nu bener :
 B
ẽntang lapangan – Ronaldo – Kasawelasan – ti.
19.  Naon anu dimaksu kecap rarangkẽn pi- eun dihandap ieu
  a.    Pigeuliseun     b. Piceurikeun    c. pigeuleuheun
20.  Naon anu dimaksud  :
  a.    qaya basa Hiperbola
  b.    qaya basa  kadalon