Senin, 15 Februari 2016
SOAL UTS GENAP BHS SUNDA SMA
ULANGAN TENGAH SEMESTER (UTS) SEKOLAH MENENGAH ATAS
TAHUN PELAJARAN 2015/2016
LEMBAR SOAL
MATA PELAJARAN : Basa Sunda
KELAS : XI
DIUJIKAN PADA HARI, TANGGAL : , Februari 2015
PROGRAM : IPA/IPS PUKUL : 13.00-14.00
PETUNUJUK UMUM
1. Dimimitian maca basamallah saméméh prak migawé soal, lamun geus réngsé tungtungan ku ngucapkeun hamdalah.
2. Jawaban dipigawé dina lambaran husus (LJK) anu disayogikeun ku panitia. Boh pilihan ganda, boh uréyan ditulis ngagunakeun pulpén warna hideung.
3. Lamun seug jawaban pilihan ganda aya nu kaliru bisa dibenerkeun ku cara ngabuleudan jawaban anu salah, lajeng cakra/silang jawaban anu dianggap bener.
4. Heulakeun jawaban anu dinggap babari tur yakin benerna.
5. Lamun geus réngsé migawé soal luwangkeun waktu keur mariksa deui lambaran jawaban bisi aya nu kaliru, ogé bisa ngaran, nomer ujian, jeung idéntitas séjénna can dieusian.
I. Pilih jawaban anu bener ku cara nyakra (X) dina salah sahiji kolom lambaran jawaban anu geus disadiakeun.
CARPON
Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung. (http://saungdedimlyd.web.id)
1. Carita pondok kaasup kana rupa karangan .....
A. Bebas D. Singkat
B. Narasi E. Fiksi
C. Nyata
2. ....brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Kecap “brus” disebut kecap ....
A. Asal D. Panganteur
B. Rundayan E. Pangantét
C. Rajékan
3. Anu dimaksud batur ngantay téh nyaéta ....
A. Ngajajar D. Ngagunduk
B. Ngantri E. Jul-jol
C. Ngabrul
4. Kecap “ngékéak” lamun dibahasaindonésiakeun nyaéta .....
B. Mengomel E. Mencemooh
C. Menegur
5. . ... tapi sok tara dilayanan. Hartina nyaéta .......
A. Teu didéngé D. Teu digugu
B. Teu dipaliré E. Teu dianggap
C. Teu ditolih
6. . ..... seungit bakona néjéh liang irung ...., maksdu kecap “néjéh” nyaéta ......
A. Nyejek D. Nalapung
B. Nyepak
C. Kasingreup E. Kaambeu
A. Menghina D. Memarahi
7. Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta …
a. karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung pakta nu bisa dipertanggungjawabkeun.
b. Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu bisa dipertanggungjawabkeun.
c. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non piktip
d. Karangan nu eusina ngagambarkeun hiji kajadian.
e. Karangan anu kauger ku aturan anu geus ditangtukeun
8. Sari tina pedaran karangan bahasan disebut ogé …
a. Kacindekan
b. Saran
c. Pedaran
d. Bubuka
e. Panutup
9. Manéhna … sarua ngan ukur tamat SD
A. Ogé D. baé
B. Kieu E. heula
C. mah
10. Bakating ku tunduh … manéhna saré dina korsi.
A. guher D. sek
B. Am E. ker
C. clak
11. Dina pelebah ngalapalkeunana dialog drama kudu dibarengan ku …
A. Inprési D. Improptu
B. Ékspresi E. Kreasi
C. Aspirasi
12. “Urang sungsung ku pangwilujeng...”. Harti kecap sungsung nyaéta ......
A. sambut D. waro
B. papag E. hormat
C. bagéa
13. Janggawaréng nyaéta sebutan turunan tingka ka- .......
A. Hiji D. opat
B. Dua E. lima
C. tilu
14. “Taya geuneuk taya maleukmeuk, lir caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.” Kalimah éta ngagambarkeun yén urang Sunda téh ilaharna ......
A. cinta damai D. soméah
B. moronyoy siga bulan E. nyawang bulan
C. béar budi
15. Titénan kecap-kecap di handap ieu :
1. Pancén 4. Ajén
2. Tatanén 5. Wawanén
3. Panén 6. Papastén
Anu teu kaasup kana kecap “aworna dua ponem” nyaéta .....
A. 1, 3, jeung 4 D. 4, 5 jeung 6
B. 2, 4, jeung 6 E. 1, 3, jeung 5
C. 1, 2, jeung 5
16. “Pribumi kaéléhkeun ku sémah”. Kalimah ieu harti tina paribasa ......
a. adat kakurung ku iga
b. kawas ucing jeung anjing
c. agul ku payung butut
d. jadi sabiwir hiji
e. jati kasilih ku junti
17. Dongéng anu ngagambarkeun kahirupan sato bisa saperti kahirupan jalma, nyaéta .....
A. Mitos D. Legenda
B. Sagé E. Pamohalan
C. Fabel
18. Jurudemung, Pangkur, Gurisa, Ladrang disebut ngaran .....
A. Tempat buhun D. Pupuh buhun
B. Lagu buhun E. Kakawihan buhun
C. Dongéng buhun
19. Kecap banganteur “blak” jeung “blok” luyu jeung kecap .....
A. Labuh – emok D. Labuh – nangkuban
B. Nangkarak – bahé E. Beulah – tamplok
C. Beulah – nangkuban
20. Arjuna disebut satria panengah pandawa, ngaran séjéna nyaéta ....
A. Brataséna D. Wibisana
B. Basudéwa E. Janaka
C. Kumbakarna
*********************wilujeng ngeusian soal************************
Langganan:
Postingan (Atom)