Jumat, 03 Juni 2011

Naskah pidato sambutan Paturay Tineung Murid SD

Assalamu’alaikum wr.wb

- Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun ka panatacaraga anu
parantos maparinan waktos ka simkuring saparakanca kanggo biatara
sambutan dina raraga paturay tineung murid kelas VI SD ………………….
- Bapak Kepala Sekolah sareng Bapak Ibu Guru anu dipihurmat!
- Bapa Ibu pala Tatamu sadayana anu sami dipihurmat!
- Rerencangan Batur sasakola sadayana anu ku simkuring dipikanyaah!

Puji sukur kehadirat Allah swt. salawat miwah salam mugi tetep dikocorkeun, dikucurkeun, digolontorkeun ka kangjeng nabi Muhammad SAW. Miwah ka kulawargina, ka para sohabatna sadayana oge ka umatna.

Nepangkeun Simkuring wasta pun ………. Kelas VI di ieu sakola ngiring nangtung tumalapung jojodog unggah ka salu, seja sabda tumapalang nyarungsum pamaksudan ti sadayana rerencangan ngalangkungan biantara sambutan dina ieu acara paturay tineung murid SD ……………………… Tahun Ajaran 2010/2011


Saperkawis simkuring sakalih ngarasa gumbira tur bingah amarwata suta bingah kagiri-giri bingah nu taya hinggana wirehna sabada simkuring sakalih nampi surat pemberitahuan kelulusan unggelna eta serat simkuring masing-masing dinyatakan lulus

Kalihna ti eta, simkuring sareng sadayana murid kelas VI ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa Kepala Sekolah, Ka Bapak sareng Ibu Guru wirehna simkuring sareng sadayana murid tiasa lulus kiwari estu kulantaran hasil dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran ku Bapa sareng Ibu Guru anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung.

Salajengna simkuring saparakanca teu hilap ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan ka Ibu Rama anu parantos hese beleke tur cape ngurus sareng ngajurung laku ka simkuring sadayana salku pala putra tiasa sakola di SD………………………………
Sekian pidato saya bila ada kesalahan mohon dimaafkan.

Pamungkas basa, simkuring sadayana neda agung cukup lumur jembar sih hampuntenna ka Bapa Kepala Sekolah Ka Bapa Ibu Guru sareng ka Ibu Rama tina samudaya kalepatan kaluputan kabodoan kabangangoran simkuring sadaya.

Bilahitofik Wal-idayah Wassalam mualaikum wr.wb.

Naskah Pidato Paturay Tineung SD

Contoh Pidato Sunda Paturay tineung kelas 6 SD

Assalamualaikum wr. Wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru sekolah Dasar ……………………………………………………………………………………… seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI .

Para Ibu, Bapak sadaya,
Menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.
Numawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pala putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana,
Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya,
Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

Sumber: unsilster.com tina http://kabarmu.blogspot.com/2010/07/contoh-pidato-130.html