Senin, 09 Mei 2011

Bahan Materi pelajaran Bahasa Sunda SMA Kelas X

Berita Basa Sunda

Di handap ieu link materi pelajaran maca berita.

Warta

Di handap ieu contoh naskah berita na.
—ASSALAMUALAIKUM, WR.WB.//
PAMIARSA/ WILUJENG PATEPANG SARENG/DINI JUNIVITA /DINA ACARA WARTA DEPOK//WARTA ANU BARIS KAPIDANGKEUN NYA ÈTA/

—KORBAN LONGSOR DI DESA TENJOLAYA DIAJAR DI TÉNDA

—PAMIARSA/
—PULUHAN MURID SAKOLA DI PERKEBUNAN DEWATA / DESA TENJOLAYA / KECAMATAN PASIRJAMBU / KABUPATEN BANDUNG / NU DINA TANGGAL 23 PEBRUARI 2010 KEUNA KU URUG / MASIH KENEH DIAJAR DI TENDA DARURAT// MARANÉHNA TEU BISA BALIK DEUI KA SAKOLA ASAL / KU SABAB SIEUN LONGSOR DEUI //
—PUPUHU POS KOORDINASI BERSAMA MITIGASI / INFORMASI JEUNG BANTUAN MUSIBAT PASIR JAMBU / CIWIDEY / RANCABULI / ASEP ESTER NÉTÉLAKEUN AYA 242 BUDAK SAKOLA DASAR NEPI KA SAKOLA MENENGAH PERTAMA (SMP) ANU JADI KORBAN LONGSOR// 46 URANG DI ANTARANA NYAÉTA MURID SDN DEWATA ANU SAKOLANA DEUKEUT JEUNG TEMPAT LOGNSOR//
—MARANÉHNA AYEUNA DIAJAR DI TÉNDA DARURAT// KHUSUS PIKEUN KELAS VI ANU AHAD IEU BAKAL NYANGHAREUPAN UJIAN NASIAONAL/ TI SAPRAK DUA MINGGU KATUKANG / MARANÉHNA CICING JEUNG DIAJAR DI IMAH KAPALA SAKOLA SDN CISONDARI//
—MURID KELAS IV SDN DEWATA ANU JUMLAHNA 13 URANG ÉTA / NGAHAJA DITEMPATKEUN DI DINYA SANGKAN BISA MEUNANG BIMBINGAN DIAJAR NU ENYA-ENYA / SAMÉMÉH UJIAN NASIONAL // MURID UTAMANA DIBEKELAN PANGAJARAN TAMBAHAN PIKEUN PANGAJARAN BAHASA INDONESIA / BAHASA INGGRIS / IPA / IPS JUENG PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN//
—UNGGAL SENÉN / 46 MURID ANU DIAJAR DI TÉNDA MEUNANG BIMBINGAN TI GURU KHUSUS ANU DIDATANGKEUN DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN BANDUNG// TENDA DARURAT ANU DIADEGKEUN DI BLOK G5 PERKEBUNAN TÉH DEWATA, KIRA-KIRA 6 KM TI LOKASI LONGSOR. DINA KAAYAAN DIAJAR JEUNG NGAJAR SAAYANA / MURID TÉH KATINGALI HÉSÉEUN PISAN DIAJARNA//
—AI SRI SUSLOWATI MURID KELAS VI SDN DEWATA ANU DIAJAR DI SDN CISONDARI / NGÉBRÉHKEUN YÉN MANÉHANANA KURANG GENAH DI SAKOLA NU ANYAR / SABAB KUDU NGABIASAKEUN DEUI HIRUP JEUNG MURID / GURU / SARTA LINGKUNGAN ANU ANYAR// KABÉHANANA AYEUNA AYA 187 MURID SD JEUNG 40 MURID SMP KORBAN URUG ANU GEUS DITITPKEUN KE SAKOLA-SAKOLA ANU DEUKEUT.

—PAMIARSA/
—MUNG SAKITU NU KAPIHATUR/
—WILUJEUNG PATEPANG DEUI DINA WARTA NU BAKAL DONGKAP/
—AMIT MUNDUR AMIT MUNGKUR
—WASALAMUALAIKUM WARAHMATULAHI WABARAKATUH

sumber tur disarungsum ku Sopian tina http://diajarbasasunda.com/2010/04/24/berita-basa-sunda/

Bahan Materi pelajaran Bahasa Sunda SMA Kelas X

Carpon: Tukang Kembang

Utamana Inggit nu ngarasa leungiteun téh, kawantu pangdipikanyaahna. Geus dianggap incuna sorangan. Kabeneran ampir Saumur jeung rék sarimbag jeung incuna sorangan. Unggal di Aki mulang ke lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oleh-oleh husus keur Inggit.

Terutama inggit yang merasa kehilangan itu, sangat disayang. Sudah dianggap cucunya sendiri. Kebetulan hampir seumuran dan mirip dengan cucunya sendiri. Setiap si Kakek pulang ke kampungnya, pulangnya lagi harus saja ada oleh-oleh khusus untuk Inggit

Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, apana inggit. Bu Gumbira, indungna. Nya kitu deui adi jeung lanceukna, Ikbal katut Jatnika, sarua ngarasa leungiteun. Ngan ku sabab raketna pisan jeung Inggit, manéhnamah leuwih-leuwih asa leungitanana téh.

Semuanya, serumah-rumah. Pak Gumbira, bapaknya inggit. Bu Gumbira ibunya inggit begitu juga dengan adik dan kakaknya, Ikbal dan Jatnika, sama merasa kehilangan. Namun karena dekatnya dengan Inggit, mereka lebih-lebih merasa kehilanga.

“Naha Si Aki téh teu aya baé?” ceuk Inggit ka mamahna, siga rék sahinghingeun ceurik.

“Kenapa Si Aki tak ada juga??” kata Inggit ke mamanya, seperti akan menangis.

“Nya éta mah. Mamah ogé meni asa beuheung sosonggeteun, sono hoyong pendak sareng Si Aki,” walerna.

“Ya itu. Mama juga tidak tahu, sudah kangen ingin bertemu dengan Si Aki,” jawabnya.

“Boa teu damang?” ceuk Jatnika.

“Takutnya sakit?” kata Jatinika.

“Panginten….,” saut Bu Gumbira deui.

“Mungkin…,” jawab bu Gumbira lagi.

“Euleuh, kumaha atuh Mah?” Inggit beuki ngarasa hariwang.

“Aduh, bagaimana Mah? Inggit terus merasa khawatir.

“Kumaha upami urang longok, sakantenan amengan ka Situ Panjalu?” Si Bungsu Ikbal usul.

“Bagaimana jika kita tengok, sekalian main ke Situ Panjalu?” Si bungsu Ikbal usul.

“Leres Pa,” Inggit jol satuju.

“Betul Pa,” Inggi langsung setuju.

Nu dimaksud Si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki Tukang Kembang, siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun, asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé.

Yang dimaksud oleh Si Aki semuanya itu, Tukang kembang langganan Bu Gumbira dan Inggit. Karena sering belanja kembang dari Si Aki, lama kelamaan merasa seperti dengan saudara.

Ampir saban poé, rék dibeulian rék henteu, kudu baé ngahajakeun eureun. Basana téh hayang panggih jeung incu. Nya kitu deui Bu Gumbira, rék ngagaleuh rék henteu, kedah baé miwarang lirén. Puguh deui Inggit mah, sirikna teu ngahajakeun megat di buruan.

Hampir setiap hari, mau dibeli atau tidak, harus sengaja berhenti. Bilangnya ingin bertemu dengan cucu. Bebitu juga dengan Bu Gumbira, mau membeli mau tidak harus menyuruh berhenti. Apalagi Inggitm biasanya sengaja menunggu di halaman.

Biasana samulangna Si Aki ngrilingkeun dagangan. Da tara ka mana deui jalanna, boh inditna, boh balikna, pasti ngaliwat ka hareupeun imah Inggit.

Biasanya sepulangnnya Si Aki mengelilingkan dagangan. Tidak akan jauh jalannya, baik berangkatnya ataupun pulangnya, pasti lewak ke depan rumah Inggit.

Urang panjalu Si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajual kembang.

Orang Panjalu Si Aki itu. Nama aslinya Abdul Manap. Semenjak muda sudah mengembara ke Bandung. Asalnya tukang minyak tanah. Ditanggung menggunakan salang dan rancatan. Ke sananya lagi gantian berjualan kembang.

Sabulan atawa dua bulan sakali sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jeung jiga téa, ku bu gumbira sering dibahanan oléh-oléh, bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kuéh kaléng, sakepeung pakéan urut keur babasah. Anu tara tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima.

Sebulan atau dua bulan sekali suka pulang lagi ke kampungnya. Oleh karena itu, sudah tidak canggung lagi, oleh bu Gumbira sering diberi oleh-oleh, untuk dibawa ke kampungnnya. Ada gula, kopi, sirop, kueh kaleng, kadang kadang ada pakaian bekas untuk ganti. Yang tidak itu memberi ongkos, karena tetap tidak diterima.

Nya kitu deui Si Aki, unggal mulang ti lemburna, tara léngoh. Tampolanana ari keur usum panén mah, sok ngirim béas sagala. Tangtu baé lian ti oléh-oleh husus, keur incu kadeudeuh, Inggit téa. Biasana bungbuahan, manggu, sawo, pisitan, atawa kadongdong. Kumaha usum-usuman baé.

“Begitu juga dengan Si Aki, setiap pulang dari kampungnnya, pasti membawa oleh-oleh. Biasanya jika sedang musim panen, suka membawa beras segala. Tentu saja selain oleh-oleh khusus untuk cucu tersayang, Inggit saja. Biasanya buah-buahan, manggis, sawo, duku, atau kedondong. Bagaimana musim-musimnya saja.

Nu dimaksud oleh-oleh khusus keur inggit teh, sabenerna ukur babasan. Sabab dina prakna mah keur saréréa. Kawantu sakali ngirim téh pasti tara kurang ti sakarinjing gede.

Yang dimaksud oleh-oleh khusus untuk Inggit itu, sebenarnya hanya formalitas. Sebab pada praktiknya untuk semua. Biasanya sekali ngirim itu pasti tidak kurang dari sekeranjang besar.

Tapi geus dua bulan leuwih, ti saprak Si Aki bébéja rek ngalongok lemburna, tacan balik-balik deui. Tungtungna Pa Gumbira nyatujuan kana usul Si Bungsu Ikbal. Upama sabaulan deui Si Aki tetep ngampeleng, sakalian jalan-jalan, rék ngahajakeun dilongok. Kabeneran Si Aki mindeng nyaritakeun ngaran lemburna. Teu pati jauh ti kota kecamatan cenah.

Tapi sudah dua bulan lebih, dari semenjak Si Aki bilang ingin menjenguk kampungnya, belum balik-balik lagi. Akhirnya Pa Gumbira menyetyjui terhadap usulnya Si Bungsu Ikbal. Jikalau sebulan lagi Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan jalan akan sengaja ditengok. Kebetulan Si Aki sering menceritakan nama kampungnya. Tidak jauh dari kota kecamatan.

“Enya upami sasih payun Si aki angger ngampleng, sakalian jalan-jalan, urang longok. Urang uah-uih baé. Ti dieu Ahad enjing-enjing, pasosonten mulih” sauh Pa Gumbira ka barudak.

“Iyah jika bulan depan Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan-jalan, kita tengok. Bolak-balik saja. Dari sini minggu pagi-pagi, sore-sore pulang” kata Pak Gumbira ke anak-anak.

“Sakantenan ntobian mobil anyar deuih,” ceuk Jatnika.

“Sekalian mencoba mobil baru lagi,”

Nembe ngagaleuh mobil apan Pa Gumbira téh. Mobil tilas, sedan alit. Tapi najan tilas, henteu kolot-kolot teuing.

“Baru membeli mobil Pa Gumbira itu. Mobil bekan, sedan bekas. Namun walau bekas, tidak terlalu tua.

Naha atuh ari pitilupoéun deui kana jung, kira-kira jam hiji beurang , ujug-ujug reg aya mobil alus pisan, lirén payuneun Pa Gumbira. Harita di imah téh kakara aya Inggit jeung Ikbal, lian ti Bu Gumbira téh. Henteu kungsi lila kurunyung Jatnika. Rada jauh sakolana Jatnika mah. Sedengkeun Pa Gumbira, teu acan mulih ti kantorna. Biasana tabuh stengah lima, nembé dugi ka bumina.

Tiga hari sebelum keberangkatan, kira-kira jam saru siang, tiba-tiba berhenti sebuah mobil yang bagus, berhenti di Pa Gumbira. Aritnya di rumah itu baru ada Inggit dan Ikbal, selain dari Bu Gubira. Tak lama kemudian datanglah Jatnika. Agak jauh sekolahnya Jatnika itu. Sedangkan Pa Gumbira belum pulang dari kantornya. Biasanya setengah lima , baru sampai ke rumahnya.

Sangkaan saréréa, paling-paling bade naroskeun alamat. Pédah kabeneran keur araya di tepas. Da teu terang téa, saha jeung urang mana éta jalmi téh. Ngan pasti lain jelema sagawayah. Tina dangdanan jeung mobilna ogé katara jalma aya.

Dugaan semuanya, paling-paling juga akan menanyakan alamat. Karena kebetulan sedang ada di teras rumah. Karena tidak tahu, siapa dan orang mana orang itu. Namun pasti bukan orang sembarangan. Dari dandanan dan mobilnya saja kelihatan orang berada.

Ari pék si tatamu téh, ngahaja niat nepangan Pa Gumbira sakulawarga. Waktos diuningakeun Pa Gumbira masih kénéh aya di kantor, walerna téh, “Sawios bade diantosan baé,” cenah.

Ternyata si tamu, sengaja berniat bertemu Pa Gumbira sekeluarga. Waktu diberi tahu Pa Gumbira masih ada di kantor, jawabnya itu, “Biarkan saja nanti ditunggu saja katanya.

Atuh Bu Gumbita téh kacida bingungna. Margi kana waktosna Pa Gumbira mulih téh masih kénéh lami. Beui bingung lantara si tamu ngaléos, ninggalkeun pribumi. Tuluy rurusuhan muru mobil sarta mukakeun panto Beulah tukang.

Bu Gumbira sangatlah bingung. Karena waktunya Pa Gumbira pulang itu masih lama. Semakin bingung karena si tamu pergi, meninggalkan tuan rumah. Lalu buru-buru menuju ke mobil dan membuka pintu sebelah belakang.

Asalna saréréa bingung campur atoh, barang ti jero mobil kaluar Si Aki. Bajuna henteu saperti keur dagang kembang. Ayeunamah beresih jeung alus. Nya kitu deuih kulitna. Henteu hideung saperti saméméhna.

Pada mulanya semuanya bingung bercampur gembira, ketika dari dalam mobil keluas Si Aki. Bajunya tidak seperti sedang dagang kembang. Sekarang beresih dan bagus. Begitu juga dengan kulitnya. Tidak seperti sebelumnya.

“Aki…..!” cenah” Inggit lumpat muru Si Aki. Gabrug duanana silih rangkul.

“Aki….! katanya” Inggit berlari menuju Si Kakek. Keduanya saling merangkul.

Geus karuhan kitu mah, Pa Gumbira teras diwartosan aya Si Aki.

Sudah tentu begitu, Pa Gumbira lalu diberitahu ada Si Aki.

Saha saleresna si tatamu téh? Singhoréng putra Si Aki pangageungna. Anu majar salah saurang putra Si Aki pangageungna. Anu majar salahsaurang putrana, ampir sarimbag jeung Inggit. Ari pangna ngahaja nepangan, lian ti ngawartosan Si Aki téh moal dagang kembang deui. Margi diwagel ku putra-putrana.

Siapa sebenarnya tamu tersebut? Ternyata anaknya Si Kakek yang paling besar. Yang katanya salah seorang anak Si Aki paling besar. Yang katanya salah seorang anaknya, hampir sewajah dengan Iggit. Sebab sengaja bertemu, selain dari memberitahu Si Aki tidak dagang lagi. Karena dilarang oleh anak-anaknya.

Tapi sakali-kalieun, pasti nganjang ka bumi Pa Gumbira. Utamana upama sono ka Inggit. Nya kitu deuih, Pa Gumbira sakulawargi, kedah sering ngalongok Si Aki di lembur.

Tapi sekali-kali, pasti berkunjung ke rumah Pa Gumbira. Utamanya jika kangen kepada Inggit. Begitu juga dengan Pa Gumbira sekeluarga, harus sering menengok Si Aki di kampung.

Teu sangka nya, Si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana nu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.

Tidak sangka yah, Si Aki tukang mendorong roda kembang itu, anak-anaknya maju. Di antaranya yang bertamu ke Pak Gumbira. Punya pabrik besi segala katanya, dia itu.

Dicutat tur disarungsum tina Pamager Basa X

Bahan Materi pelajaran Bahasa Sunda SMA Kelas X

Istilah Pakakas/Alat-alat Sunda

Dina kahirupan sapopoe urang tangtu salawasna ngagunakeun pakakas. Pakaks ngabogaan guna nu utama pikeun ngagampangkeun pagawean manusa. Patani bisa ngagarap sawahna ngagunakeun pacul. Sangu nu ku hidep dahar unggal poe asalnamah apan tina pare anu ditumbuk make lisung.

Ayeunamah pakakas saperti kitu teh geus langka kapanggih. Jaman geus canggih, ngagarap sawah bisa ngagunakeun traktor. Pon kitu deui ngolah pare jadi beas oge ngagunakeun mesin. Tapi sanajan kitu sabenerna urang teh teu kudu apal kana pakakas-pakakas jaman baheula teh, sabab eta teh mangrupakeun paninggalan budaya anu kudu dilestarikeun.

Tah di handap ieu aya sababaraha pakakas anu ku hidep kudu apal.

1. Lisung

Lisung

Lisung nyaeta alat paranti nutu banguna siga parahu.

2. Ayakan

Ayakan

Ayakan nyeta parabot paranti ngala lauk jeung paranti ngayak. Ngayak= misahkeun barang nu badag jeung nu lembut.

3. Haseupan

Haseupan

Haseupan nyaeta alat paransti nyieun sangu/tumpeng. Biasana sok dipasangkeun jeung seeng.

4. Nyiru

Nyiru

Nyiru teh parabot anu gunana pikeun napikeun beas atawa pare.

5. Kohkol

Kohkol

Kohkol teh nyaeta parabot paranti mere tangara/beja/tanda.

6. Siwur

Siwur

Siwur teh parabot paranti nyiuk/nyokot cai.

7. Sinduk

Sinduk

Sinduk nyaeta parabot paranti ngagalok-gaok pasakan.

8. Teuleupok

Teuleupok

9. Pacul

Pacul

Pacul nyaeta parabot paranti malik-malikeun taneuh.

10. Kujang

Kujang

Kujang nyaeta pakarang asal jawa barat /tatar sunda.

sumber:http://diajarbasasunda.com/2010/03/01/istilah-pakakasalat-alat-sunda/

Bahan Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas XI

Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI

Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI

Lagu kawih/tembang/pupuh

Lagu nu diujikeun anjeun, bubuy bulan, mojang priangan, peuyeum bandung.

Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban

Mojang Priyangan.

Pergi melangkah

Seperti tidak ada keraguan

Memakai kain

Mojang priyangan


Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Mojang Priangan.

Tersenyum lucu

Tertawa

Larak lirik

Mojang priangan


Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana

Dangdosan sederhana

Mojang Priyangan…..

Berpakaian kebaya

Menambah cahayanya

Dandanan sederhana

Mojang Priyangan


Mojang anu donto

Matak sono nu nempo

Mun tepung sono ka …

Mojang Priyangan.

Gadis yang seksi

Membuat kangen yang melihat

Jika bertemu kangen dengan …

Mojang priyangan

Gareulis maranis

Disinjang lalenjang

Éstu surup nu nempo

Mojang Priyangan … mojang priyangan …

Mojang Priyangaaaann….

Cantik manis

Berkain dan tinggi langsing

Sangat menarik perhatian yang melihat

Mojang priangan mojang priangan


Bubuy Bulan

Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang

Panon poe panon poe di sasate

Unggal bulan unggal bulan abdi teang

Unggal poe unggal poe oge hade

bubuy bulan sangrai bintang

matahari matahari disate

setiap bulan setiap bulan saya jemput

setiap hari setiap hari juga baik


Situ Ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hate ningali Ngeplak caina

Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing

Nyeredet hate ningali sorot socana

situ ciburuy ikannya susah dipancing

menggetarkan hati melihat luas airnya

duh itu siapa yang lewat tiap pagi

menggetarkan hati melihat sorot matanya


Anjeun


Perempuan

Teu aya deui, nu mikacinta iwal anjeun

Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun

Pangnyaahna sadunnya, pangbageurna sadunnya

Iwal anjeun

tak ada lagi yang dicintai kecuali kamu

tak ada lagi yang perhatian kecuali kamu

paling sayang sedunia, paling baik sedunia

hanya kamu


Anu heman tur daria, anu jangji satia

Ngan ukur anjeun

yang sayang dengan benar-benar, yang janji setia

hanya kamu


Duh aduh aduh aduh

Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun

Duh aduh-aduh aduh

Hate reugreug aya sagigireun anjeun

duh aduh aduh aduh

hati bahagia bisa bertemu dengan kamu

duh aduh aduh aduh

hati tenang ada di samping kamu


Ngan saeutik hanjakalna

Lamun tepang osok ngajak rurusuhan

Dasar kudu kanyahoan horeng anjeun geus rimbitan

hanya sedikit yang disesalkan

jika bertemu suka mengajak buru-buru

dasar harus ketahuan ternyata kamu sudah beristri


Laki-laki

Teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun

Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun

Inggis beunang ku batur

Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

tak ada lagi yang terimpikan kecuali kamu

takut dapat oleh orang lain

takut mencintai orang lain, hanya kamu


Unggal peuting babacaan

Mapatkeun pelet asihan

Husus keur anjeun

Duh aduh aduh aduh

Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun

Setiap malam membaca

mengucapkan pelet jampi-jampi supaya disenangi

hanya untuk kamu

duh aduh aduh aduh


Duh aduh aduh aduh

Hayang deukeut, hayang geugeut

Ngan jeung anjeun

duh aduh aduh aduh

ingin dekat ingin ingin cinta

hanya dengan kamu


Dasar kudu kanyahoan

Ngirim surat salah ngasupkeun eusina

Gurat sial jeung cilaka

Putus ka ditu ka dieu

dasar harus ketahuan

mengirim surat salah memasukan isinya

dasar sial dan celaka

putus ke sana ke sini


Peuyeum Bandung

Dimana mana di kampung di kota

Tos kakoncara ku nikmat rasana

Sampeu asalna teu direka-reka

Naon namina duh matak kabita

dimana-mana di kampung dan di kota

sudah terkenal oleh nikmat rasanya

sampeu asalna teu direka-reka

apa namanya duh membuat tergoda


Peuyeum bandung kamashur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya kagaleuh

Sepuh jeung murangkalih

peuyeum bandung terkenal

harganya tidak tinggi

oleh semua terjangkau

orang tua dan anak-anak


Mangga cobian bilih panasaran

Peuyeum ti bandung henteu sambarangan

silakan dicoba jikalau penasaran

peuyeum dari bandung tidak sembarangan


Tambahan Lagu, Tidak Diulangankan

Mingpin acara rapat.

Mingpin Rapat

Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun upama urang rék mingpin rapat, supaya lumangsung kalayan lancar, di antarana:
1. Catat materi nu bakal dirapatkeun.
2. Siapkeun notulén, nya éta tukang nuliskeun hal-hal nu penting dina rapat. Utamana hasil rapat.
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
4. Sanggeus saréréa karumpul, langsung buka:
- Ngucapkeun salam
- Ngahaturkeun nuhun kana kadatangan hadirin
- Sebutkeun mareri pasualan nu rék dirapatkeun
- Sebutkeun tata-tertib rapat.
5. Dina waktuna méré kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesanan, boh waktuna, boh jumlahna. Lain ti éta kudu teges deuih.
6. Upama aya pananya, jawabna ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka hadirin.

Rapat Rencana Piknik Akhir Taun Kelas XI
Materi : Tempat Tujuan
Waragad

Pembukaan rapat
Assalamualaikum Wr Wb
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh. Margi ku kersa Mantena urang sadaya tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan.
Timpah hatur nuhun ka sadayana, Ibu wali kelas sareng rerencangan sadaya kana kasumpinganana. Salajengna supados teu nyangkolong kana waktos, saéna rapat urang kawitan.
Réréncangan nu sami hadir, urang téh tos terang yén dina akhir taun ieu urang salaku kelas XI bakal papisah deui ku lantaran kelas XI nu naek ka kelas XII bakal dirobah deui susunan murid-muridna. Ku sabab kitu, dina raraga perpisahan ieu teu aya salahna lamun urang sakelas ngayakeun piknik ka tempat wisata. Tah gunana rapat ieu téh pikeun ngabahas pamaksadan piknik éta. Nya nu utamanamah ngabadamikeun masalah tempat jeung waragad.

Di dieu sim kuring ngawakilan panitia ngasongkeun sababaraha tempat nu sakintena bisa dijadikeun tempat tujuan wisata, di antarana : anyer (Banten), cibodas (Cianjur), lembang (Bandung), Pangandaran (Ciamis), Pelabuan ratu (Sukabumi). Tah tina lima tempat téh dua diantarana nyaéta di sabudeureun gunung, jeung tilu diantarana nyaéta si sabudeureun basisir. Namung éta nembé usulan ti panitia, upami aya usulan tempat sanés mangga ké di dugikeun dina bagian tanya jawab.
Masalah nu salajengna ngeunaan masalah waragad, numuntkeun pangalaman waraga nu diperlukeun pikeun piknik salami sadinten sawengi téh nyaeta Rp. 700.000/jalmi. Eta tos kalebet ongkos, tuang, sareng akomodasi. Tah sakintenamah warag éta oge disaluyukeun sareng tempat anu bakal urang tuju. Tah upami tampat anu dituju parantos sapuk, urang oge kira-kirana tiasa nangtukeun kinten-kinten waragad aku diperyogikeun. Teu kudu matok sakitu sabab ieu nembe rapat awal, tiasa waé éta waragad téh robah. Namung dia waktos ayeuna kedah ditangkukeun rarancangna.

Tah rencana kagiatan parantos didugikeun ku sadérék …. Salaku ketua panitia. Ayeuna pribados salaku moderator masihan kasempetan ka para hadirin pikeun ngajukan patarosan atanapi ngajukeun pamadegan ngeunaan rencana kagiatan anu ku bakal dilakukeun ieu. Sajabi ti éta sim kuring dina bagian ieu masihan kasempetan pikeun 3 urang panaros, pami waktos kinten-kinten masih cekap bakal ditambih kana bagian 2 pikeun 3 orang panaros deui.

Alhamdulilah…. Sapertos anu nembé diaoskeun ku Notulén, rapat parantos ngahasilkeun sababaraha putusan. Mugi-mugi dina waktosna tiasa dilaksanakeun kalayan lancer. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun kana kahadiran réréncangan sadaya dina rapat ieu. Kirang langkungna salami sim kuring mingpin rapat, aya cariosan anu teu matak nyelekit kana ati atanapi anu matak tugenah manah, hapunten anu kasuhun. Salejengna rapat urang pungkas ku sasarengan maca hamdalah, Alhamdulillah…

Maca Pedaran

Adat Istiadat Dina Ngalamar

Prah dimana-mana, atawa biasa kapanggih. Kaasup di luar nagri. Saméméh lalaki jeung awéwé resmi dikawinkeun, sok dimimitian heula ku acara ngalamar. Ngan carana anu teu sarua atawa béda-béda téh. Cara ngalamar urang Amérika, pasti beda jeung Indonesia. Nya kitu deui antara urang Jawa Tengah atawa Jawa Timur jeung urang Sunda.
Urang Sunda ogé gumantung kana waktu jeung tempatna. Cara ngalamar jaman baheula jeung ayeuna,pasti henteu sarua. Nya kitu deui cara ngalamar orang Cianjur jeung urang Banten, éta ogé moal sarua deui.
Ngalamar jaman ayeuna leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana.
Jaman beheula mah, antara si lalaki anu ngalamar, jeung si awéwé nu rék dilamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan, umumna lain waé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné (kabogoh). Jadi nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin.
Atuh jawabanana ogé, moal aya nolak. Langsung satuju, malah sakalian nangtungkeun waktuna. Ari sababna lain ti padawawuh, biasana sarua bogohna.
Tah ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé awéwéna nolak, boh lantaran boh teu bogoh, boh lantaran geus kapiuhan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut embung. Upamana langsung ngajawab, “ Punten pun anakna henteu bogheun” Atawa, “Punten parantos aya nu gaduh”.
Tapi diusahakeun sangkan dina nolakna, henteu matak nyerieun hate pihak nu ditolak. Contona, “Nya éta pun anak téh, teu acan aya niat rarabi. Ma’lum kénéh masih bau jaringao.” Padahal nemp umurna, geus meujeuhna dikawinkeun. Ngan ku sabab awéwéna teu bogoh atawa kolotna teu satuju, lamaranana kapaksa ditolak.
Lamun haying leuwih jentré awéwéna teu bogoheun, carana nolak bisa ku cara mapandékeun kana manuk. Biasana manuk titiram. “Nya éta gaduh manuk téh titiran emas, sakurungna kedah sareng titiran emas deui.” Maksudna anak kuring téh teu bogoheun. Bisa jadi lantaran anu ngalamarna kurang kasep.
Baheula mah sual jodo téh kacida apikna. Méméh ngalamar jeung narima lamaran, kudu puguh heula, anak saha, beunghar atawa hentau. Boga pangkat atawa ukur jelema biasa. Tegesna, ditaliti heula kaayaan kulawargana, bisi hentu sarua atawa henteu saimbang.
Ari sabab harita mah, anak ménak kudu jeung anak ménak deui. Nu beunghar kudu jeung nu beunghar deui. Nya kitu deui jeneng, jodona wajib ka nu jeneng deui.
Kumaha carana supaya apal? Biasana rerencepan dipaluruh. Mun teu kitu, ku cara malibir téa. Utamana lamun tacan waauh.
Di Cianjur baheula, aya kabiasaan kieu: titaha si lalaki, ngahaja nyémah ka kulawarga awéwé. Sanggeus disuguhan, si Pribumi sok buru-buru nanya:
“Geuning aya pikeresaun naon, asa raraeuwas teuing?” cék pribumi.
“Nya éta gaduh manuk, mung teu acan gaduh kurungna,”
“Kagungan manuk naon kitu?”
“Titiran emas”
“Euleuh atuh kurung na ogé kedah kurung nu saé. Kaleresan gaduh hiji, hég teu acan aya manukan.”
Tina obrolan diluhur kanyahoan wéh, boh lalakina boh awéwéna sarua turunan ménak. Béda deui upama si sémah nyebutkeun manuk piit atawa ukur cangkurileung. Nya kitu deui upama pribumi ukur nyebutkeun aya kurung biasa, hartina turunan jelema biasa.
Cara séjenna dina nyuguhan. Upama pribumi hayang némbongkeun, yén manéhna kulawarga ménak, wadah suguhna sok ngagunakeun bahan poslén. Utamana pisin jeung cangkirna. Engkéna saméméh ki sémah ngasaan susuguh pribumi, sok nanya kieu:
“Euleuh ieu cacangkir aya ku saé aya ku saé, moal lepat deui bahanna tina poslén,” maksudna nanyakeun naha enya pribumi téh kulawarga ménak?
“Leres poslén asli wedalan Cina,” maksudna bener malah ménak bolongkotan. Lain ngan ukur tuturunan, atawa boga gelar radén paméré pédah aku buyutna kungssi digawaé di karaton.
Dijawab deui ku ki sémah, “Kaleresan, di rorompok ogé gaduh hég sami heug mani sami pisan,” maksudna sarua manéhna ogé kulawarga ménak asli.
Eta anu dicaritakeun di luhur, kakara ngalar tahapan kahiji. Upama kira-kita sarua satuju, isuk pageto kira-kira bakal datang deui, resmi ngalamar. Tahapan ka dinya disebutna neundeun omong. Duanana kakara satuju. Tapi, boh pihak awéwé, boh pihak lalaki , acan katingali ku jangji nanaon. Ku kituna teu menunang masing rék ngabatalkeun ogé.
Naon sababna disebut neundeun omong? Sabab pihak lalaki tacan méré nanaon. Mung barangbeuli téa mah acan méré tanda pangjadi.

Maca laporan jurnalistik perjalanan (lalampahan)

Ngaliput Piala Dunya di Jérman
Aya dua welas kota nu jadi pribumi Piala Dunia 2006 di Jérman téh. Hiji-hijina nya éta hamburg, Hanover, Gélsénkirchen, Dortmund, Bérlin, Léipzig, Koéln, Frankurt, Kaiserlautern, Stuttgart, Nuerenbérg, jeung Munchen. Ari munchén téh puseur nagara Jérman.
Sajero sabulan leuwih, kudu siap pipindahan, ti hiji kota ka kota séjénna. Ti hiji stadion ka stadion séjenna. Utung saméméh jung loba tatanya ka ditu ka dieu. Pangpangna kanu lila kungsi di Jerman. Lian ti éta, rajin macaan brosur nu dikaluarkeun ku panitia.
Puguh deui ari mukaan internét mah. Sirikna téh unggal usik, saban aya waktu kosong tina pagawéan. Ku sabab can pati lila jadi wartawan, can pati réa nagara nu kaanjangan. Ka éropa téh kakara ka Inggris, Spanyol, jeung Itali. Kabéh dina raraga ngaliput maén bal.
Pitilupoéenun deui kana derna kajuaraan, kuring geus aya di Jerman. Ti Jakarta tumpak Garuda. Henteu bisa langsung ka Jerman. Tapi nyimpang heula ka Walanda. Ti dinya ganti kapal. Cunduk ka Kota Munchen, gabung jeung wartawan Indonésia Séjenna.
Nungguan prungna kajuaraan, henteu bisa ulin sangeunahna. Puguh waé upama ngagugu haté mah, hayang ka ditu, hayang ka dieu. Tapi rék ninggalkeun téh komo lila-lila teuing mah melang. Sabab mawa alat-alat gawé. Di antarana laptop, kaméra, jeung rupa-rupa lénsa. Sieun sabot kuring indit-initan, aya jelema jahat asup kana jero fan camp. Ari kudu dibabawa jaba rébo téh, beurat deuih.
Fan camp téh sarua jeung kémah. Ngan eusina leuwih lengkep. Aya dapur, kamar mandi, lian ti tempat saré téh. Di unggal kota tempat kajuaraan lumangsung, sok aya fan camp. Saré di fan camp jauh leuwih murah batan di hotél. Upama séwa hotél pangmurahna, antara sajuta nepi ka dua juta satengah sapoé, di fan camp mah, cukup saparapatna. Matak kacida larisna.
Bobotoh ti mana-mama, lolobana marilih saré di fan camp. Sabab kajeun daratang ti nagara-nagara maju, henteu kabéh jalma baleunghar. Sabalikna orang Indonesia, kajeun nagara miskin, loba nu ngontrak hotél béntang lima. Mangkaning taripna téh aya nu lima juta sapeuting .
Sakali mangsa kuring kudu ngaliput pertandingan Inggris jeung Swedia. Tempatna di Fifa World Cup Stadium Cologne, Kota Koeln. Urang Jerman mah nyarebutna: Stadion Mungersdorfer atawa Rhéin Énérgi Stadion. Gedéna cukup keur 46.120 urang nu lalajo. Kira-kira sarua jeung Stadion Jalak Harupat, Kabupatén Bandung.
Siga kumaha alusna éta stadion, hésé dicaritakeunana. Jukutna bangun empuk, héjo rata kawas buludru. Luhurna bisa ditutup jeung dibuka. Keur ngalusan éta studio, pamaréntah satempat méakkeun waragad Rp.165 milyar leuwih. Ngalusan wungkul éta téh lain nyieun.
Sapaerti biasa sadatangna ka Kota Koéln, nu pangheulana ditéangan téh tempat pamondokan murah. Cilakana, sakali ieu mah, geus teu bisa ngamanfaatkeun fan camp. Sabab geus beak ku pata bobotoh Inggris jeung Swédia.
Iwal bobotoh pribumi, bobotoh Inggris téh jumlahna pangréana. Persis kawas bobotoh Pérsib lamun kasawelasan kadeudeuhna maén di Senayan. Keur ngabédakeunana gampang pisan. Lian ti kaos nu dipakéna, kalakuanana ogé béda.
Biasana téh ngagombongan jeung salangar. Di urang mah, kira-kira sarua jeung bonék, bobotoh Persebaya. Bonék téh “bondo nékat”, indit ti imahna, ukur modal nékad. Tangtu baé bobotoh Inggris mah marekel duit cukup.
“Haben Sie éin Zimmer frei?” cék kuring méh-méhan putus asa, ka patugas hostel (losmen). Aya kénéh kamar kosong?
Naha atuh lain buru-buru ngajawab, kalah malik nanya, “Anjeun urang Jepang? Kuring milu sedih waktu tim anjeun éleh ku Ustrali,” Cenah.
“Kuring mah lain urang jepang tapi orang Indonesia!.”
“Urang Indonésia? Rék naon jauh-jauh ka dieu? Apan tim anjeun mah teu milu kajuaraan?”
“Kuring wartawan. Naha teu meunang wartawan Indonésia Ngaliput piala dunya? Témbal kuring keuheul.
Duka lantaran nénjo beungeut kuring siga nu nyaan ambekna, manéhna buru-buru ménta dihampura. Teu poho ngabéjakeun, teu jauh ti losménna, aya apartemen nu rék diséwakeun . Perenahna di Hélénenwall Strasse.
Nu bogana hiji pangsiunan, ngaranna Guéther Poéperl. Umurna ampir 70 taun. Taripna 39 Euro sapeuting. Kira-kira Rp 500.000. Keur ukuran di Jerman mah, katitih murah pisan. Kabeneranana téh deuih, Si Opa Poeperl téh kacida bageurna . Atuh urut cape kukurilingan néangan pamondokan téh, ahirna asa kaubaran.

Kamus Alit

Dua Welas = dua belas
Puseur = pusat
Saméméh = saacan
Lian = selain
Pagawéan = pekerjaan
Kaanjangan = didatangi
Kabéh = semua
Raraga = dalam rangka
Puguh = pasti/jelas
Pitilupoéeun = tiga hari sebelum
Lalajo = nongton
Tumpak = naik
Sangeunahna = seénaknya
Melang = khawatir
Saparatapatna = setengahnya
Mangkaning = bahkan
Mangsa = waktu
Alus = bagus
Hejo = hijau
Unggal = setiap
Hésé = sulit
Waraga = biaya
Ngalusan = merenovasi
Katitih =terhitung
Bageur = baik
Lumangsug = berlangsung
Saban = Setiap
Beunghar = kaya
Pangheulana = paling dahulu
Mekel = membawa bekal


Rarangkén Tengah -ar-
Tangtu baé bobotoh nggris mah marekel duit cukup
Kecap marekel asal kecapna tina mekel (bekel) + rarangkén tengah -ar-
Bekel = bekal
Bekel + N- = Mekel (Membawa bekal)
Mekel + -ar- = Marekel = (Membawa bekal)

Bedana lamun mekel itu pikeun subjek tunggal. Sedengkeun marekel untuk subjek jamak. Perhatikeun conto di handap.
Conto: Abdi mekel sangu ka sakola.
Saya membawa nasi ke sekolah.
Barudak mekel sangu ka sakola.
Saya membawa nasi ke sekolah.

Conto lain : indit – arindit dahar – dalahar diuk – dariuk jst

Nepikeun Bewara

Bewara

Béwara pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Depok, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi.
Latihan jurnalistik diaksanakeun saminggu dua kali. Waktuna Senén jeung Kemis. Masing-masing dua jam. Tabuh 08.00 nepi ka 10.00 WIB, pikeun siswa-siswa kelas X. Tabuh 14.30 nepi ka 16.30 WIB, keur siswa-siswi kelas XI jeung XII.
Matéri latihan di antarana:
1. Élmu dasar jurnalistik
2. Tiori jeung prakték nulis berita
3. Ngarancang penerbitan majalah dingding.
Para pangajar lian ti wartawan senior, dosén ti Jurusan Komunikasi Fikom Unpad. Jumlah pamilon diwatesan tilu rombongan. Sarombonganana jumlahna paling saeutik 10 urang, paling réa 15 urang.
Latihan diskusi sarua dilaksanakeun saminggu dua kali, Salasa jeung Jumaah. Masing-masing tabuh 09.00 nepi ka 11.00 WIB, pikeun kelas X. Tabuh 14.00 nepi ka 16.00 WIB pikeun kelas XI jeung XII.
Para pangajarna para ahli dina widang masing-masing; ahli politik, ékonomi, jeung budaya. Jumlah pamilon diwatesan opat grup. Sagrupna paling saeutik 20 urang, paling loba 25 urang.
Boh latihan jurnalistik, boh latihan diskusi, henteu kudu mayar (gratis). Sakur nu rék milu, buru-buru daptar, paling elat tanggal 31 Séptémber 2006
Upama masih kénéh kurang jelas, engké sabada diketik ku sékretaris, bakal ditempélkeun dina papan pangunguman. Tiasa ditingali ku sadérék.

Hatur nuhun.

Maca wacana Biografi

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Ngawawancara Tokoh

Punten tiasa nuhunkeun waktos sakedap?
Maaf bias meminta waktu sebentar?

Owh muhun aya naon kitu?
Owh ia ada apa?

Ieu aya sababaraha patarosan anu bade ditaroskeun ku sim kuring.
Ini ada beberapa pertanyaan yang akan ditanyakan oleh saya.

Owh mangga bade naros naon baé kitu?
Owh ia, mau bertanya apa

Dupi nami bapa téh saha?
Nama bapak siapa?

Nami abdi téh Asép
Nama saya Asep

Bapa linggih dimana?
Bapak tinggal di mana?

Abdi linggih di Jl Merdeka Depok
Saya tingal di Jl Merdeka Depok

Tos sabaraha lami bapa damel janten guru?
Sudah berapa lama bapak bekerja sebagai guru?

Nembe kirang langkung satahun jang.
Baru kurang lebih setahun

Bapak téh ngawulang pelajaran naon ?
Bapak mengajar pelajaran apa?

Owh, abdi ngawulang pelajaran basa sunda.
Owh, saya mengajar pelajaran bahasa Sunda.

Kumaha pak gampil teu ngawulang pelajaran basa Sunda di Depok?
Bagaimana Pak, gampang apa tidak mengajar pejajaran basa Sunda di Depok?

Nya terus terang waé rada sesah jang, sabab murid-muridna mayoritas sanes orang sunda.
Ya terus terang saja agak sulit sebab murid-murid kebanyakan bukan orang sunda.

Wah, muhun sigana rada sesah atuh ari kitu mah pa, kumaha atuh tarékah bapa ngajar basa Sunda sangkan murid-muridna tiasa?
Wah iah sepertinya agak sulit kalau begitu Pak, lalu bagaimana usaha bapak mengajar basa sunda agar murid-muridnya bias?

Nya satiasa-tiasa abdi ngajarkeun henteu nu sesah-sesah, da apan asa pamohalan lamun murid bisa Lancar Basa Sunda dina waktu nu singket. Ngan paling ogé minimal basa Sunda téh bisa diwanohkeun.
Ya sebisa-bisa saya mengajarkan tidak yang sulit-sulit, soalnya tidak mungkin murid bisa lancar bahasa sunda pada waktu yang singkat. Namun paling juga minimal bahasa Sunda itu bisa dipekenalkan.

Pami kahoyong murid kana diajar basa sunda kumaha?
Kalau kemauan murid terhadap pelajaran basa Sunda bagaimana?

Pami kanggo murid-murid anu diajar ku sim kuring mah, alhamdulilah masih keneh aya kahoyong diajar basa Sunda, sanajan aya hiji dua anu nganggap pangajaran basa Sunda téh teu penting.
Kalau murid-murid yang diajar oleh saya, alhamdulilah masih ada kemauan untuk belajar bahasa Sunda, walaupun ada satu dua yang menaganngap basa Sunda itu tidak penting.

Tambahan :

Rarangken Hareup N-

Perhatikeun cutatan ieu di handap.

Perhahatikan kutipan di bawah ini.

Alat-alat olahraga jeung kasenian teu kudu ngadadak ngayakeun atawa meuli sabab geus sagala nyampak di sakola. Perkara waragad geus sadia di bendahara OSIS.

Dina wacana di luhur aya kecap nu ditulis kandel, nyaeta:

Pada wacana di atas ada kata yang dicetak tebal, yaitu:

ngadadak asal kecap tina dadak + N- (nasal nga-)

ngayakeun asal kecap tina aya + N- (nasal nga-) + -keun

meuli asal kecapna tina beuli + N- (nasal m-)

nyampak asal kecapna tina sampak + N (nasal ny-)

Geura ilikan conto rarangken hareup N- (nasal) sejenna ieu di handap!

Coba perhatikan contoh awalan N- (nasal) lainnya di bawah ini!

n- + takol jadi nakol (memukul)

nga- + adat jadi ngadat (kumat)

nge- + cor jadi ngecor (mengecor)

ny- + cebor jadi nyebor (menyiram)

ng- + kumbah jadi ngumbah (mencuci)

n- + tulis jadi nulis (menulis)

m- + baca jadi maca (membaca)

n- + tempo jadi nempo (melihat)

m- + pulung jadi mulung (memungut)

Sumber : Pamager Basa XI, Wikipedia,
dari http://diajarbasasunda.com/2009/12/03/bahan-pikeun-ujian-semester-kelas-xi/